Edmun
(Adryan
Jaka Lelana)
Jaman baheula aya jalma nu sakti
jeung kawanina hade nu namina zafri.Zafri teh tinggal di desa kulagsana.Ku
wargi didinya teh ngaku kahebatanna da zafri teh geus bisa ngarasakeun hawa
jahat urang asing nu niat nyerang eta desa,zafri teh tiasa ngangkat batu nu
sagede imah ngan nunjukeun jari kabatu teras kaluhurkeun eta jari,batu teh ka
ngangkat weh ka luhur,saking saktina ku raja teh diangkat jadi sanjata
pamungkas istana.
Aya hiji budak nu namina edmun nu
panasaran ka zafri kusabab sakti.Hiji poe si edmun teh ngadatangan ka istana
rek papendak ka zafri da hayang ngilangkeun rasa penasaranna.edmun teh pamitan
ka ema”ma abi rek ka istana rek papendak ka zafri”ceuk edmun.”Sok we da bageur
zafrimah ati ati mun”ceuk ema.Edmun teh angkat weh ka istana teh.Pas di gerbang
istana teh edmun teh dicegat ku dua penjaga gerbang nu beungeutna sangar jeung
babawa tombak sagala anu hijina deuimah keur nginum kopi.Edmun teh nyarios
“wilujeng enjing ey” sabari gogorowokan da sarasa teu diwaro. Penjaga nu nginum
kopi teh ngomong ka baturanana “heh eta diluar aya tamu tah ladenan ku
maneh,gandeng pisan eta”.”enyalah”ceuk penjaga hijina deui.Pengjaga teh kaluar
gerbang we ngaladenan eta budak teh “woy budak tong gandeng bisi ditusuk ku
aing”.”Atuda sangkilang deket abdi nyarios lalaunan teu diwaro jadi we abdi
gogorowokan,hasilna aya hiji jalma nu ngawaro,hah maneh mun nusuk aing bejakeun
indung aing siah meh dijewer ” saur edmun.”atos atuh ampun tong mamawa indung
sagala sieun kuringmah da maenna sok koroyokan abdimah teu sanggup.sok aya
kaperluan naon kadieu” saur penjaga teh.”ari si zafri aya di istana teu”ceuk
edmun.”aya di jero istana,erek naon ka sizafri,geus janjian” ceuk penjaga.”kudu
pisan pae janji sagalaasa teu penting pisan abimah rek papendak we ka
zafri”ceuk edmun.”nami anjeun saha”ceuk penjaga.”kenalkeun simkuring teh namina
fernando edmun,ganjang yeuh rek papendak rek ngobrol”ceuk edmun.”keheula tungguan
sakedap”ceuk penjaga.sipenjaga teh asup deui ka gerbang sabari ngobrol ka
babaturanana “woy sia teh nginum kopi wae atuh kuduna kerja sia teh,panggeroan
si zafri kusabab eta si edmun rek papendak,ayeuna aing nu nginum ah cape
ngomong jeung budak eta sakantenan mun meunangeun pang anterkeun eta budak ka
ruangan sizafri”ceuk penjaga numawa tombak.”enya enya abi weh kadinya watir
maneh kawalahan”ceuk penjaga nu keur ngumbah cangkir kopi.ayeuna saeengeus
nyimpen cangkir si penjaga teh nyamperan si zafri.dugi weh penjaga gerbang teh
ka kamar zafri “tok tok tok,zafri” ngetokan panto teh.dibuka weh pantona teh ku
si zafri teh sabari zafri satengah sadar”aya naon atuh enjing enjing geus
ngangganggu aing wae atuh kehed tunduh yeuh”ceuk zafri.”eta si edmun rek
papendak jeung anjeun”ceuk penjaga teh.”bere nyaho weh ka si edmun urang ibak
heula kitu,suruh tungguan weh di ruang tengah,geus ah urang ibak heula”ceuk
zafri.”sip atuh zafri sok mandi weh heula tong main sabun heula haaahahaha,abi
ka zafri heula” ceuk penjaga sabari lumpat jeung seuri puas tea.sipenjaga
etateh langsung weh nyampeurkeun si edmun.edmun teh nyarios ka penjaga”atuh
anjeun teh lila teuing atuh nanaonan heula jeung zafri”.”enya ngabejaan mun
maneh rek papendak jeung zafrilah,eta ceuk si zafri tungguan heula di ruang
tengah zafrina keur ibak heula”ceuk penjaga teh.”oh keur ibak enya sok atuh
anterkeun abdi da pegel nantung didieu teh”ceuk siedmun.”hayu atuh ka ruang
tengah”ceuk penjaga teh.edmun jeung penjaga teh karuang tengah istana nungguan
si zafri,siedmun disuguhan kiripik singkong,edmun ge diuk sabari ngopi nungguan
zafri ibak.
satengah jam edmun nungguan zafri
teh.geusmah kiripikna seep,bosen da ngan korsi hungkul eweuh sasaha tapi tetep
si edmun teu nyerah da panasaran tea.datang weh si zafri teh “oh ieu nu namina
edmun teh aya naon rek pependak jeung urang?”.”akang zafri anu kasep bere nyaho
atuh kumaha bisa sakti kitu abdi ge hoyong siga anjeun”ceuk edmun sabari raray
anu panasaran tea.”hampura pisan urang teu
bisa mere nyaho da sieun di salah gunakeun kakuatan etateh,anjeun teh jalmi anu
ka saratus tujuh puluh dua nu nanyakeun hal anu sarua.hampura enya.atos enya
urang aya kaperluan nu penting
yeuh,ayeuna maneh uih weh ka bumi tong nanyakeun hal eta”saur zafri nasehatan
si edmun.si edmun teh pundungda teu dibere nyaho.tapi si edmun teu nyerah,pas
kaluar istana si edmun teh lainna uih ka bumi,kalahka nyumput di dekeut istana
da panasaran si zafri teh aya kaperluan naon sih rasa hoyong nyaho si edmun teh
tinggi.teu karasa waktu teh geus sore si zafri teh teu katingali pisan kaluar
ti istana.siedmun uih weh ka imah sabari pundung,pas di imah si edmun emam da
laper nungguan saharian eta si zafri nu eweuh hasil.edmun teh pamitan deui ka
ema”ema abdi rek jajan heula nya”ngawadul si edmun teh da kusabab rek mantau si
zafri.”aya cicis teu,mun teu aya acisna
di meja”saur ema nu teu curiga ka si edmun.”acisna tos dicandak ema,abdi jajan
heula dadah”ceuk edmun sabari ninggalkeun imah.
edmun teh nyampe weh di tempat sumputan
nu tadi,pas ningali ka gerbang aya si zafri ngobrol jeung penjaga teh.”bade
kamana atuh zafri geus wengi”saur penjaga nu panasaran.”bade ka danau
sengklek,rek ngilu?”saur zafri ngajakan.”ah alim da enggke eweuh nu ngajaan
atuh baturan nu sok ngajaga bareng abdi teh buru buru ka bumina da pamajikanana
ngalahirkeun”ceuk si penjaga.”alus atuh kitu penjaga nu satia ka istanamah kudu
ngajagaan,nitip istanana oke,urang ka danau sengklek heula da kaburu beak
waktuna”.ceuk zafri teh sabari leumpang ka danau sengklek teh.pas izafri ka
danau sengklek teh,edmun nuturan titukangeun si zafri.pas geus nyampe di danau
sengklek,edmun buburu nyumput da sieun kanyahoan ku zafri.teras zafri nyandak
barang di tukangeun pohon.barang etateh dialungkeun weh ka danau teh.pas geus
dialung teh kaluar weh awewe geulis make kabaya jeung disarungan,siawewe teh nyawuran si
zafri”hoy zafri geul lila tara manggil urang erek memperpanjang kasaktian atawa
ngarayu abdi haha”.”engke weh ngarayumah nu pentingmah perpanjang heula atuh sok
maneh rek naon”ceuk zafri nawaran.”kos biasa weh sakilo lauk lohan keun
ngabaturan urang di danau ieu da nu kamari geus neda ku abdi”ceuk awewe
teh.”sip atuh waktuna saminggu nyak”saur zafri nawaran.”okelah mun leuwih ti
saminggu kasaktian maneh bakal dipindahkeun ka jalmi nu ngalempar baru berlian
ka danau sengklek ieu”ceuk si awewe ngancam si zafri”sip atuh,kadieu heula atuh
beybeeh”saur zafri ka awewe etateh.si awewe teh ngadeukeutan si zafri.pas geus
deuket teh si zafri langsung weh meluk eta awewe,respon si awewena ge lansung
weh meluk balik si zafri.pas geus meluk teh si zafri teh nyium biwir si awewe,mayan
lila tah duaan teh mesra mesraan,si edmun teh ngomong sorangan di jero hate”wah
si zafri teh meunang kasaktianna didieu geusmah si zafri meunang kasaktian,jeung
meunang ciuman eta awewe asa kabita ey,isuk urang cobian ah bisi weh pas
ngalung nu aya di pohon teh langsung dicium eta awewe pan mayan,ayeunamah uih
weh ka bumi’.
siedmun teh langsung weh ka warung
heula jajan heula.pas nyampe di bumi edmun teh ditungguan ku ema “mun kawarung
mana atuh nilila ngahariwangkeun ema wae manehmah”saur ema hariwang.”ieu ma
caritana pas abdi kawarung teh abdi teh nanya’mang aya coki coki teu’.’tos seep
kang mun hayangmah urang meuli heula di pasar malem mereun weh aya,tungguaan
didieu’saur mang warung teh,nungguan weh abdi teh da lami pisan,pas mang warung
geus aya mawa coki coki dua bungkus teh abdi meuli weh tilu biji langsung uih
weh,ema hoyong teu coki cokina hiji sewang”saur siedmun ngabohong tapi teu kanyahoan
ku ema jeung nawaran coki coki.”sok atuh sare ditu geus wengi yeuh,simpen weh
coki cokina di meja atos lila tara dahar coki coki”saur ema teh.
saenggeus ciuman jeung awewe eta teh
si zafri senengna kabinabina da atos lila tara kitu jeung awewe eta.si awewe
teh tiba tiba leungit teuing kamana.zafri teh balik deui weh ka istana.”asa
lila lila teuing ka danau sengklek teh nanaona heula maenya ngojay geus
peuting,tapi eta beungeut asa gumbira asa binggung urang teh”ceuk penjaga nu
kabinggungan.”isuk deui weh urang geus tunduh rek sare,ieu istana aya nu
nyerang teu”saur zafri nanya.”teu aya da kalem weh da dipasang radar tea,sok
atuh rek saremah”saur penjaga teh.”isuk bantuan nyarikeun lauk lohan sakilo
ok,ceunah baturan maneh nu ngajaga istana mereun anakna diurus ku
pamajikanana”ceuk zafri.”sip atuh isuk urang baturan”
poe teh teu karasa geus siang deui
da edmun teh sarena teh tabuh opat subuh,edmun teh buburu ibak weh da hoyong
nyobian papendak jeung awewe nu kamari tea mereun mun siang tiasa papendak.saatos
mandi edmun teh makean baju alus pisan.”mun rek kamana maneh make baju alus
sagala?”saur ema nanyakeun.”eta ma rek ka danau sengklek bade mere pakan lauk”ceuk
edmun.”manehmah bere emam lauk ari sorangana can emam,tuh emam heula,saatos
emam sok ka danau sengklek”ceuk ema nitah emam.edmun teh langsung weh mios ka
danau sengklek teh,pas geus nyampe teh loba jalmi nu mere pakan lauk teh jadi
edmun teh nungguan weh nepi ka eweuh jalmi deui,ahirna saurang deui tos indit
ti danau sengklek teh.edmun teh nungguan rada lila teras neangan batu ni aya di
pohon teh.”mana sih batu nu dilempar zafri teh hese pisan neanganana”edmun
nyarios di jero hate.”eta ning kapanggih”ceuk edmun sabari gumbira.teras edmun
teh ngalungkeun weh batu ka danau teh.nungguan lila si awewe teh teu kunjung
muncul,prasangka edmunmah mereun pas peuting kaluar weh awewe na,edmun teh uih
weh ka bumi da nungguan poe peuting.
pas poe geus peuting ema teh
ngabejaan ka edmun”mun,ema rek ka bumina tasya bade ningali anak cikalna da baru ngalahirkeun
kamari,lamun rek jajan tong hilap panto dikonci jeung koncina tendeun di
kekesed”.”sip atuh sok mun rek indit mah”saur edmun.ema teh indit weh ka bumina
tasya,nungguan weh rada lila pas ema indit teh.langsung edmun nguncian panto
imah buru buru weh ka danau sengklek teh.dugi weh edmun ka danau sengklek
teh,da geus apal nyimpen batuna teh langsung cokot weh,geus dicokot teh dialung
ka danau,teu lila pas ngalung tiba tiba kaluar weh awewe nu kamari teh tapi
bajuna lain kabaya tapi kaos oblong “saha anjeun? biasana nu manggil abdi teh
si zafri”saur awewe teh.”anjeun heula saha”saur edmun ngalawan.”sok abdi dian
kusumawati lamun anjeun saha,rek aya perlu naon manggil urang”saur dian
teh.”lamun abdi fernando edmun,abi teh rek sakti siga zafri kumaha carana?”saur
edmun nanya.“hampura pisan da kuringmah ngan tiasa memperpanjang hunkul lamun
rek meunang eta kasaktian kudu neangan kumis naga atawa diajarkeun kasaktiana
ku setan kuya.lamun neangan kumis naga mah atos ku sizafri tapi resikona eta
kumis lila kalilaan ngaleutikan,nah abdi teh tiasa ngapanjangkeun deui da
abdimah spesialis manjangkeun sagala barang,lamun berguru ka setan kuya mah
kasaktianana abadi alias sampe didinya pupus”saur dian ngajelaskeun ka
edmun.”dimana urang tiasa nyari eta setan kuya?”edmun nanya ka dian.”ada tah
digoa dekeut danau tapi eta setan teh munculna sangar loba jalmi nu asup
kadinya teu tiasa kaluar deui”saur dian.”sip atuh dian”saur edmun.dian teh
rewas da edmun teh luncat ka danau da si edmun teh teu nyampe mun meluk dian
teh.ngahindar ti edmun teh.edmun teh tilelep ka jero danau.”wah eta budak
kunaon luncat sagala.geus lila naha teu katingali deui,watirlah mending urang
tulungan we”saur dian.langsung weh dian abus ka jero danau.ninggali di edmun
teu berdaya di dasar danau dian teh nulungan weh.dipeluk weh si edmun teh
sabaru mere nafas buatan di tengah dasar danau teh.edmun teh sadar pas dibere
nafas buatan teh.tapi teu benta panon teh “asik ey akhirna dipeluk jeung dibere
nafas buatan ku sidian tapi naha baseuh sagalana baelah nikmati wae”saur edmun
di jero hate.pas sadar teh tos di tepi danau”naha baseuh ey atos ah uih weh ka
bumi”edmun teh uih weh ka bumi,ema teh can uih,buburu weh ganti baju,geus ganti
baju teh edmun teh sare weh langsung.
edmun gugah ti sare tabuh 8,teras
edmun ibak,tos ibak make baju jeung calana,teras emam heula.atos emam edmun teh
mios deui ka danau sengklek teh,nyampe weh edmun di nanau sengklek teh.pas di
danau sengklek teh edmun neangan goa nu dicaritakeun dian kamari”naha goa teh
teu katingali”saur edmun teh.ti tonggoh danau sengklek teh katingali aya
goa.edmun teh lumpat weh ka dinya.nepi di hareupen goa,asup weh edmun teh ka
goa,didinya teh rada poek jadi weh leumpangna rada laun.geus rada lila leumpang
teh jalanna loba cabang nu matak edmun jangar kudu leumpang kamana,ujug ujug
teh aya sora nu gandeng pisan,edmun teh nyampeurkeun weh kana sora etateh,pas
leungit eta sora eta jalan teh buntu eweuh jalan deui.edmun teh ningali aya
cangkang kuya anu debuan,dibersihan weh cangkang eta teh,ujug ujug teh aya nu
nepakan si edmun”sia saha anjing! ngareuwaskeun aing wae sia kehed!”ceuk edmun
reuwas sabari ningali ka tukang.”ari maneh teu ningali aing geus nyaho aing teh kuya lain anjing matakna ningali heula
atuh kehed,sia nanaonan ka daerah aing!”ceuk setan kuya ngambekan edmun.”ampun
kuya da abdimah kadieu rek berguru ka anjeun ameh sakti”saur edmun
kasieunan.”rek sakti sia,rek mayar sabaraha ka aing,mun teu bisa mayar sia kudu
munjung ka aing salila 100 taun baru ku aing ajaran sia kasaktian,da rata rata
jalmi nu rek kasaktian ti aing teh maot ka 70 taun,geus lila tara ningali budak
nu wani ka daerah aing,sigana maneh eweuh nanaona aing erek dahar sia”.ceuk
setan kuya geus siap rek ngadahar si edmun.”engke heula tong ngadahar kuring
heula,mun urang bere dahareun ka anjeun,anjeun rek ngajarkeun abdi
kasaktian”ceuk edmun nawaran.”sok atuh sia boga naon”saur setan
kuya.”janji”ceuk edmun”sip mana daharan aing”ceuk setan kuya.edmun teh ngodok
ngodok calana meunang weh coki coki di berekeun ka setan kuya teh.pas setan kuya
ngadahar eta coki coki teh nyarios”ieu daharan ngeunah euy rasa naon
etateh”.”rasa coklat stoberi”saur edmun teh.”sip atuh ayeuna maneh geus siap
diajar kasaktian”ceuk setan kuya.”tos siap uya”saur edmun teh.edmun teh berguru
we ka setan kuya teh.
saenggeus
dapet eta elmu,edmun teh ka istana weh .”penjaga abdi rek papendak jeung
zafri”ceuk edmun.”sok weh ka kamarna ditu da si zafrina keurpundung”ceuk
penjaga.edmun teh langsung weh ka kamarna zafri,pas edmun asup ka kamarna
ditingali zafri teh keurpundung.”kunaon atuh ri”saur edmun.”kumaha carana
meunang lauk lohan sakilo ey hese nyarina”saur zafri.”hayu atuh neangan bareng
tipada maneh galau teu dapet”saur edmun.zafri jeung edmun mios weh ka hutan,di
hutan teh aya sungai nu deras pisan,langsung weh edmun ngagunakeun
kasaktianana.jol ojol cai sungai teh saat eweuh caina.”tah ri aya lohan tah
cokotan”saur edmun nitah zafri.”maneh naha bisa jadi sakti kitu kumaha
carana?”ceuk zafri kabinggungan”eta berguru ku setan kuya,tong mere nyaho
sasaha nya mun abdi tiasa kieu” ceuk edmun nitahan edmun.zafri teh geus dapet
tah lohan ti hutan,edmun jeung zafri teh balik deui weh ka istana pas di
timbang kirang saparapat deui.”geus weh nu kirangna ditambahkeun ku cai weh,rek
iraha dibere ka dian eta lauk”saur edmun.”nyaho timana maneh? curiga maneh
ngilukeun urang pas lusa wengi kamari da,tapi baelah maneh geus ngabantuan
urang neangan ieu lauk lohan muhun pisan mun”ceuk zafri,”mun kitu abdi tiasa
ngiring atuh papendak jeung dian engke wengi”saur edmun teh.”hayu wae mayanlah
aya nu ngabantuan mawa ieu lauk lohan”ceuk zafri.
teu
karasa poe teh geus wengi.edmun jeung zafri teh mios weh ka danau sengklek.dugi
ka danau teh zafri nitah edmun ngajagaan eta lohan da zafri rek nyandak batu di
pohon tea.dialung weh eta batu ka kolam teh,kaluar weh si dian tapi ayeunamah
make baju kameja jeung jeans”eh zafri jeung siedmun,kumaha geus teu nanaon
mun,wah eta ning laukna geus aya ri”ceuk dian.”teu nanaon da,anjeun nu nulungan
urangteh muhun pisan ”saur edmun teh”ieu laukna rek di abuskeun ka danau wae
yeuh”saur zafri.”sami sami edmun,lamun rek dipelukmah bebeja heula ath da pasti
hoyong urangmah,sok atuh abuskeun laukna ka dieu”saur dian sabari ngabantuan
zafri jeung edmun ngabuskeun eta lauk lohan ka danau.
diabuskeun
weh lauk lohan teh ka danau teh ka danau teh,pas geus sadayana di abuskeun,ujug
ujug dian teh ngaluarkeun aura warna biru ngora,beuki geulis si dian teh”zafri
mawa teu kumis naga teh dieu urang panjangkeuneta kumis”saur dian.”yeuh”saur
zafri sabari mere eta kumis naga teh,dian teh ngabaca mantra sampeka satengah
jam,geus eta teh manjangan deui weh kumis nagana teh.”muhun pisan dian”ceuk
zafri sabari gumbira.”sami sami atuh sakedeung deui abdi ngaleungit da geus
cape pisan abdi teh”saur dian.”dian sateuacan ngalengit peluk heula kuring apan
kudu bebeja heula”ceuk edmun teh.langsung weh dian nyampeurkeun si edmun teh
teras dipeluk weh si edmun teh.”ieu bonus sabab anjeun geus tiasa ngagunakeun
kasaktian ti setan kuya”,nempel weh biwir si dian ka biwir si edmun teh.5 menit
teh ujug ujug teh si dian teh ngaleungit weh.”naha si dian bisa nyaho abdi boga
kasaktian”ceuk edmun nanya ka zafri.”pasti nyaho lah apanan aura maneh geus
beda ”saur zafri.”hayu atuh urang uih geus tunduh yeuh”ceuk edmun ngajakan
zafri uih.
saatos
uih teh zafri masih tiasa ngagunakeun kasaktianana da atos diperpanjang masa
berlaku kasaktianana jeung kasaktian nu diboga si edmun teu aya nu nyaho ku
warga desa kulagsana.
tamat
Tidak ada komentar:
Posting Komentar